DEWI MARLINA PIEUNTEUNGEUN URANG DINA NYANGHAREUPAN COCOBA


From : http://www.pwipwk.blogspot.com
Kamis 27 Agustus 2009

SRIKANDI TEUREUH ASLI CIPORANG

“ Tong ningali pangalaman hirup katukang ku hanjelu jeung
tong ningali masa nu bakal datang ku kasieun”

Dina enggoning ngambah hirupna manusa di alam dunya, tangtuna oge pinuh ku sarupaning dodoja jeung gogoda tapi lamun dina diri urang ngabogaan motivasi, kasadaran jeung kayakinan anu kuat nu diantarana kudu terus sumujud syukur ka Robul Ijati ku jalan ikhtiar jeung tawaqal pinangtu jaganing geto hirup urang didunya boh di akherat pinanggih jeung kabagjaan.

Aya hiji eunteung keur urang sarerea dina ngalakonan hirup, nyatana Dewi lengkepna Dewi Marlina teureuh asli ti tatar pasundan, urang Kp. Ciporang Desa Puteran Kacamatan Cikalong wetan Kabupaten Bandung Barat, wedalan ping 26 Juni 1987 nu ngabogaan pangalaman hirup saperti kieu.

Dewi kaasup salah saurang Guru GTT di SDN Eka Citra 2 di Desa Puteran taun 2005, dina ngalaksanakeun bhaktina di Sakola eta Dewi kawilang nyongcolang utamana dina cara ngajar ka budak didikna dibuktikeun ku kasauran sepuhna Dewi Yen putrana teh dina ngawulangna tara ieuh elat ka sakola pon kitu deui upami wangsul karorompok sok tepat kana waktosna dalah upami nuju udur ge sok maksakeun ka sakola, hawatos cenah ka barudak teu aya nu ngawulang.

Disatengahing keur soson-sosonna bhakti di sakola, musibah tumiba ka dirina, takdir teu meunang di pungkir bagja teu meunang diala, bulan November 2006 sawaktu di bonceng motor ku dulurna, ngalaman tabrakan jeung mobil treuk leungeun katuhuna kagiles pisan ku ban treuk nepi ka remuk.

Dewi dibawa ka RSHS Bandung ku Ibu-ramana, “sim kuring ngareungeu Dewi Cilaka teh lain bohong asa dibentar gelap tengah poe ereng-erengan” ceuk Ibuna, Ningali kaayaan nu jadi anak matak ngaleketey hate jumerit ka nu Maha Kawasa, sabada inget tina kapiuhan Subhanallah Dewi katingalina teh keur ngawirid, bari teu kendat ngucapkeun Asma Allah, can apaleun meureun leungeun katuhuna ku dokter kapaksa di amputasi nepika puhuna, Ibuna ngarasa bingung kitu deui suster nu ngarawat kumaha carana ngabejaan Dewi yen leungeun katuhuna geus diamputasi ?

Aya hibar ti Pangeran, keur bingung nu taya tungtung torolong teh Dewi Cumarita ka Suster “teu kedah bingung keun wae panangan Dewi diamputasi oge da sagala rupi oge aya nu gaduhna, nya urang pasrahkeun we ka Mantenna” teu wasa ngadanguna ucapan nu jadi anak kitu, Ibuna nangis paungku-ungku jeung dulur-dulurna nu harita aya didinya, kitu deui Suster oge ngilu ramisak, teu nyangka ku sadrah sumerahna Dewi nyanghareupan cocoba ti Gusti nu Maha Suci. Samalah dina ping 19 Juli 2009 tabuh dalapan wengi Dewi tumaros ka Ustad ngaliwatan SMS anu unina “Pa Ustad sim kuring bade tumaros, kumaha pilampaheun urang numutkeun ajaran Islam upami aya anggaota badan urang nu diamputasi, naha kedah langsung dikubur ? atanapi disimpen dugi ka urang tilar dunya? Abdi nyungkeun waleranna”

“Mah kumaha nya barudak disakola ?” kitu jeung kitu pananya Dewi ka nu jadi Indung salila di Rumah Sakit, padahal nilik kana warugana harita leungeun katuhu diamputasi, suku katuhu dipasangan pen da tulangna aya nu remek,

Kiwari Dewi geus jag-jag, tapi can bisa leumpang jauh da masih sok karasa linu keneh suku katuhuna sabada dioperasi (penna dibuka) dua bulan katukang, sajeroning kitu sumanget keur babakti di sakola mah teu luntur ku kaibunan teu gedag ku kaanginan, “karunya ningali barudak didik sareng aya kereteg dina hate sangkan wewengkon Ciporang kapayunna janten langkung nanjeur lugina dina sagala rupina utamina Nonoman teureuh asli Kampung Ciporang. (Ki Gumilang)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Dynamic Glitter Text Generator at TextSpace.net
Powered By Blogger

Jumlah Pengunjung Blog PWI Purwakarta

Apakah yang diperlukan anda dalam penampilan blog ini ?

Pengikut

Lintas Berita 8